Daftar Isi:
  • Ieu panalungtikan dikasangtukangan ku kurangna pamahaman siswa SMA dina diajar nulis aksara Sunda. Udagan dina ieu panalugtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun kamampuh nulis aksara Sunda saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Examples Non Examples. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta métode kuasi ékspérimén kalawan one group pretest-posttest design ka siswa kelas X SMA Negeri 19 Bandung. Dumasar hasil panalungtikan, ngahasilkeun tilu perkara. Kahiji, kamampuh nulis aksara Sunda saméméh ngagunakeun modél Examples Non Examples aya dina katégori can mampuh. Kadua, kamampuh nulis aksara Sunda sabada ngagunakeun modél Examples Non Examples aya dina katégori mampuh. Katilu, ayana béda anu signifikan antara kamampuh saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Examples Non Examples dina pangajaran nulis aksara Sunda siswa SMA kelas X. Dumasar kana éta hal, bisa dicindekkeun yén modél pangajaran Examples Non Examples bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina pangajaran nulis aksara Sunda di SMA. Kecap galeuh: aksara Sunda, modél Examples Non Examples, nulis