Daftar Isi:
  • Panalungtikan ieu dikasangtukangan sabab kurangna wanohna masarakat kana kasenian penca silat Pusaka Mekar Putri Domas anu dianggap miboga ajén-ajén nu bisa dijadikeun pedoman pikeun masarakat di sabudereunana. Tujuan dilaksanakeun ieu panalungtikan téh pikeun mikanyaho ngeunaan: 1) sajarah paguron Pusaka Mekar Putri Domas 2) Prak-prakan kasenian Penca Silat Pusaka Mekar Putri Domas, 3) istilah anu aya dina kasenian penca silat, 4) ajén éstétis dina kasenian penca silat pusaka mekar putri domas, jeung 5) larapna hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Téhnik nu digunakeun dina ngumpulkeun data nalika panalungtikan nya éta téhnik observasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Dina ieu panalungtikan kacangking yén kasenian penca silat téh mangrupa kasenian anu miboga unsur éstétis dina wujud nyata, saperti dina: 1) wangun kasenian, 2) busana, 3) seni tari, 4)seni musik jeung 5) seni drama. Dina hakékatna, kasenian penca silat téh miboga pungsi diantarana pikeun tujuan simbol, tujuan kreativitas, tujuan kaéndahan, tujuan komersil, jeung tujuan éksprésivitas.