Daftar Isi:
  • ABSTRAK Ieu panalungtikan dikasangtukangan ku kurangna pangaweruh masarakat Kota Bandung kana kasenian Ulin Barong. Kiwari, masarakat leuwih resep kana kabudayaan atawa kasenian deungeun dibandingkeun jeung kabudayaanna sorangan. Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun asal-muasal, fungsi, unsur-unsur seni, prak-prakan jeung ajén éstétis nu nyangkaruk dina kasenian Ulin Barong di Kalurahan Sékéloa Kacamatan Coblong Kota Bandung, sarta hasilna dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca di SMA. Hasil ieu panalungtikan ngawengku tilu hal, nya éta: 1) asal-muasal kasenian Ulin Barong di Kalurahan Sékéloa Kacamatan Coblong Kota Bandung nu miboga fungsi minangka sarana hiburan jeung ritual pikeun nurunkeun hujan, 2) pintonan kasenian Ulin Barong dimimitian ku tahapan tatahar, pintonan, jeung panutup, 3) ajén éstétis dina kasenian Ulin Barong ieu aya dina unsur seni nu aya dijerona saperti gerakan, rupa barongna, kostum, jeung tatabeuhan nu mirigna. Tina hasil analisis bisa disimpulkeun yén kasenian Ulin Barong nu aya di Kalurahan Sékéloa Kacamatan Coblong Kota Bandung bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca di SMA kelas XII. Salian ti kitu, dipiharep ieu panalungtikan bisa ngeuyeuban élmu pangaweruh, sarta masarakat reueus kana kasenian nu aya di sabudeureunana,